Pages

Senin, 29 November 2021

NADHOM TA'LIM

NADHOM TA'LIM

تَعَلَّمْ فَاِنَّ اْلعِلْمَ زَيْنٌ لِأَهْلِهِ 

وَفَضْلٌ وَعِنْوَانٌ لِكُلِّ اْلمَحَا مِدِ 

Suprih élmu da élmu téh mapaésan ka ahlina
Kaunggulan jadi ciri pikeun jalma dipujina

وَكُنْ مُسْتَفِيْدً اكُلَّ يَوْمٍ زِيَادَةً 

مِنَ اْلعِلْمِ وَاسْبَحْ فِي بُحُوْرِ اْلفَوَائِدِ

Anjeun kudu ngalap guna unggal poé tina élmu
Sanaos jeung bari ripuh lir nu ngojay di sagara

تَفَقَّهْ فَاِنَّ اْلفِقْهَ أَفْضَلُ قَاِ ئِدٍ 

 إِلَي اْلبِرِّ وَالتَّقْوَ ي وَاَعْدَلُ قَاصِدٍ

Ngaji fiqih da fiqih téh pangunggulna tina élmu
Kana saé reujeung taqwa leres anu dipujina

هُوَ اْلعِلْمُ اَلْهَادِي إِلَي سُنَنِ اْلهُدَي

هُوَاْلحُصْنُ يُنْجِي مِنْ جَمِيْعِ الشَّدَائِد             

Ilmu fiqih nu mawana kana jalan pituduhna
Bénténg matak nyalametkeun tina saban balaina 

فَاِنَّ فَقِيْهًا وَاحِدً مُتَوَرِّعًا

اَشَدُّعَلَي الشَّيْطَانِ مِنْ اَلْفِ عَا بِدٍ

Ahli Fiqih nu saurang dibareungan jeung apikna
Sétan banget sieuneuna batan sarébu abidna

فَسَادٌ كَبِيْرٌ عَالِمٌ مُتَهَتِكٌ

وَأَكْبَرٌ مِنْهُ جَا هِلٌ مُتَنَسِكٌ

Karuksakan nu pohara jalma alim lalawora
Tapi banget da ruksakna jalma bodo ibadahna

هُمَا فِتْنَةٌ فِي اْلعَالَمِيْنَ عَظِيْمَةٌ

لِمَنْ بِهِمَا فِي دِيْنِهِ يَتَمَسَكُ

Jadi fitnah duanana di dunya jeung ahératna
Pikeun jalma tatagenan dina agama manéhna

مَنْ طَلَبَ اْلعِلْمَ لِلْمَعَادِ

فَا زَبِفَضْلٍ مِنَ الرَّ شَادِ

Saha jalma nyuprih élmu piahérateun
Mangka bagja kaunggulan nunuduhkeun

فَيَا اْلخُسْرَانِ طَالِبِيْهِ

لِنَيْلِ فَضْلٍ مِنَ اْلعِبَادِ

Wahai jalma anu rugi panyuprihna
Élmu paké kaduyaan  ti manusa

هِيَ الدُّ نْيَا أَقَلُّ مِنَ اْلقَلِيْلِ

وَعَا شِقُهَا أَدَلُّ مِنَ الدَّ لِيْلِ

Ari dunya saalit taya bandingna
Anu sono kana dunya panghinana

تُسِمُّ بِسِحْرِ هَا قَوْمًاوَتُعْمِي

فَهُمْ مُتَحَيِّرُوْنَ بِلَا دَلِيْلِ

Sihir dunya ngalolongkeun jeung norékkeun
Kabéh kaom bingung taya nunuduhkeun

إِنَّ التَّوَ اضُعَ مِنْ حِصَالِ اْلمُتَّقِي

وَبِهِ التَّقِيُّ اِلَي المَعَالِي يَرْ تَقِي

Sayaktosna tawado’ ciri jalma  taqwa
Kusabab tawado’na hé martabatna jalma

وَمِنَ اْلعَجَا ئِبِ عُجْبُ مَنْ هُوَجَاهِلٌ

فِي حَالِهِ أَهُوَ السَّعِيْدُ اَمِ الشَّقِي

Sapalihna kaanéhan jalma bodo
ujub riya takabur aya dina dirina

أَمْ كَيْفَ يُحْتَمُ عُمْرُهُ اَوْرُوْحُهُ

يَوْمَ النَّوَي مُتَسَفِلٌ اَوْمُرْتَقِي

Rék kumaha ditungtungan umurna jalma
Atawa ruhna disababkeun kana amalna
Dina poé kiamah tempat balikna kamana
Naraka tawa surga tempatna éta jalma

وَاْلكِبْرِ يَاءُ لِرَبِّنَا صِفَةٌ بِهِ

مَخْصُوْ صَةٌ فَتَجَنَّبَنَّهَاوَاتَّقِي

Sifat takabur éta sifatna nu Alloh
Tangtu wajib di tembihan jalma taqwa

لِكُلِّ إِلَي سَأْوِ العُلَي حَرَكَاتٌ

وَلَكِنْ عَزِ يْزُ فِي الرِّجَالِ ثَبَاتٌ

Pikeun jalma aya tingkah kamulyaan
Tapi langka di pameget katetepan

إِنَّ اْلهَوَي لَهُوَ اْلهَوَانُ بِعَيْنِهِ

وَصَرِيْعُ كُلِّ هَوَي صَرِيْعُ هَوَانٍ

Sayaktosna kahayang mawa kahinaan
Jalma kalindik kahayang éta harina

اَلَالَاتَنَالُ اْلعِلْمَ اِلَّابِسِتَّةٍ

سَأُنْبِيْكَ عَنْ مَجْمُوْ عِهَا بِبَيَانٍ

Inget moal menang élmu anging anu genep rupa
Kuring arék mertélakeun pertéla hiji hijina

ذَكَاءٍوَحِرْصٍ وَاصْطِبَارٍوَبُلْغَةٍ

وَاِرْشَادِأُسْتَاذٍوَطُوْلِزَمَانٍ

Calakan jeung kadedemes sobar jeung aya bekelna
Aya guru nuduhkeun jeung lila dina zamanna

عَنِ اْلمَرْءِ لَاتَسْأَلْ وَأَبْصِرْقَرِيْنَهُ

فَاِنَّ الْقَرِيْنَ بِالْمُقَارَنِ يَقْتَدِي

Ulah rék naroskeun jalma tingali baé baturna
Sabab sobat sok nuduhkeun kanu disobatanana

فَاِنْ كَانَ ذَاشَرٍّ فَجَنِّبْهُ سُرْعَةً

وَاِنْ كَانَ ذَاخَيْرٍفَقَارِنْهُ تَهْتَدِ

Lamun bukti sobat awon pék énggal baé tebihan
Lamun bukti sobat saé pék énggal baé caketan

لَاتَصْحَبِ اْلكَسْلَانِفِي حَالَاتِهِ

كَمْ صَالِحٍ بِفَسَادٍآخَرَيَفْسُدُ

Anjeun ulah rek nyarengan jalma ngedul
Seer jalma sholeh ruksak ku manéhna

عَدْوَي الْبَلِيْدِاِلَي الْجَلِيْدِسَرِيْعَةٌ

كَااْلجَمْرِ يُوْضَعُ فِي الرَّمَادِفَيَخْمُدُ

Ngaboyongna jalma kumprung kanu pinter
Sapertos arengna kesik téréh parem

KITAB MERTELAKEUN SHOLAT

 Sholat anu di fardukeun sadayana aya 5 :

1). Sholat Dzuhur, awal waktu sholat dzuhur nyaeta ti ngawitan lingsirna panon poe, sareung akhirna nyaeta jadina bayangan setiap perkara sami sareung eta perkarana.
2). Sholat Asar, awal waktu sholat asar nyaeta, nalika bayangan hiji perkara ngalewihan tina perkarana dugika surupna panon poe.
3). Sholat Magrib, awal waktu sholat magrib nyaeta timimiti surupna panon poe dugika surupna mega anu beureum.
4). Sholat Isya, awal waktu sholat isya nyaeta ti kawitan surupna mega beureum dugika bijilna fajar anu ka dua/ fajar sidiq.
5). Sholat Subuh, awal waktu sholat Subuh nyaeta ti ngawitan bijil fajar sidiq dugika bijilna panon poe.

    Syarat- syarat wajib sholat aya 3 :

1). Islam, teu wajib ngalaksanakeun sholat ka jalmi anu kafir, sareung teu wajib ngodoan sholat dina nalika lebet islam. Anapon ari murtad mah wajib hukumna ngalaksankeun sholat sareung ngodoan sholat dimana-mana balik deui ka islam.
2). Baleg, teu wajib sholat ka jalmi murangkalih bade istri bade pameget, tapi wajib marentah ngalaksankeun sholat nalika ts dugi umur 7 tahun, sareung kedah diteunggeul jalmi/ murangkalih anu ninggalkeun sholat nalika umur 10 tahun.
3). Berakal, sholat teu wajib ka jalmi anu gelo.

    Sholat anu di sunatkeun aya 5 :
1. Sholat Idul Fitri
2. Sholat Idul adha
3. Sholat Gerhana Matahari
4. Sholat Gerahana Bulan
5. Sholat Istisqo

    Sholat sunat anu nuturkeun kana sholat fardu/rowatib aya 17 roka'at :
1). 2 roka'at sateuacana subuh, 
2). 4 roka'at sateuacana dzuhur, 
3). 2 roka'at saba'da dzuhur, 
4). 4 roka'at samemeh asar, 
5). 2 roka'at saba'da magrib, 
6). 3 roka'at saba'da isya, termasuk tinu 3 roka'at teh ditambihan sholat witir saroka'at.

    Sholat sunat anu dianjurkan dilaksankeun salianti anu nuturkeun sholat fardu sadayana aya 3 :
1. Sholat malam/sholat tahajud.
2. Sholat dhuha, pangsaalitna sholat dhuha nyaeta 2 roka'at, pangseerna nyaeat 12 roka'at, waktuna timimiti naekna matahari dugika lingsirna matahari.
3. Sholat Taraweh, nyaeta 20 roka'at kalwan maca 10 salaman, nu dilaksanakeun setiap wengi Ramadhan.

    Ari sayarat sholat samemeh nglakasanakeun sholat aya 5 :
1. Suci anggota badan tina hadast alit sareung alit hadast ageung, sareung suci tina najis dina anggoan, dina badan, sareung dina tempatna.
2. Nutupan aurat dina kaayaan nyalira atanapi kaayaan poek, pami teutiasa nutupan aurat tiasa sholat bari bubulucun/tataranjang, nutupan auratna kedah ku anggoan suci. Bahkan wajib deui nutupan auratna dina salianti bade sholat.
3. Cicing dina tempat anu suci, sholat teu sah pami sapalih badan atanapi anggoanna antel kana najis dina nalika ngadeg, atanapi calik, atanapi ruku, atanapi sujud.
4. Uninga kana lebetna waktu sholat.
5. Mayun ka kiblat ku dadana si jalmi.
    Kenging sholat teu mayun ka kiblat dina 2 kaayaan :
1). Dina waktu sholat siddatilkhouf/sholat dina kaayaan gentingna peperangan.
2). Dina nalika sholat sunat  perjalanan, perjalananna kedah dikengingkeun sanes perjalanan maksiat. Jalmi anu numpak kendaraan hewan teu wajib nempelkeun tarangna kana tonggong hewan balikta dikira-kirakeun ku cara dongko bari dongkona sujud kedah lewih handap ti batan dongkona ruku. Pami sholatna bari mapah kedah nyampurnakeun kana rukuna sareung dina sujudna dina mayun ka kiblat. Anapon ngalajeungkeun mapahna dina nalika ngadeg.

RUKUN SHOLAT
Rukun sholat aya 18 :
1. Niat 
2. Ngadeg pikeun jalmu nu kawasa, pami teu tiasa bari ngadeg sholatna bari calik nu langkung utami calikna sapertos calik tahiyat awal.
3. Maca takbiratul ihram, lafadna kedah Allahu akbar salianti eta hukumna teu sah.
4. Maca fatihah, basmallah termasuk saayat tina fatihah.
5. Rukuk
6. Tuma'ninah dina rukuk. Ari ngaran tuma'ninah nyaeta cicing dina saba'da usik sakira-kira maca subhanallah.
7. Cengkat tina rukuk sareung i'tidal. Ari i'tidal nyaeta ngadeg sapertoskeun samemeh rukuk.
8. Tuma'ninah dina i'tidal
9. Sujud
10. Tuma'ninah dina sujud
11. Calik antara sujud 2
12. Tuma'ninah dina Calik antara sujud 2
13. Calik anu ahir
14. Maca tahiyat dina calik anu ahir
15. Maca sholawat ka kanjeung Nabi dina calik anu ahir.
16. Maca salam anu kahiji
17. Niat kaluar tina sholat
18. Tartib, hartosna tersusun tinu parantos dicarioskeun.
 





Jumat, 26 November 2021

GETIH NU AYA DI ISTRI

     Getih anu kaluar tina parjina istri sadayana aya 3:

1). Getih Haid

2). Getih Nifas

3). Getih Istihadoh

    Darah Haid nyaeta darah anu kaluar tina parjina istri dina kaayaan sehat teu aya sabab ngalahirkeun, warnana semu hideung kaberem-bereman jiga kaduruk.

    Darah Nifas nyaeta darah anu kaluar dina saba'da sampurna ngalahirkeun. Pami darah nu kaluar babareungan sareung bayi nalika lahir atanapi samemeh lahir darahna teu dinamian darah nifas.

    Darah Istihadoh nyaeta darah anu kaluar dina salianti dinteunan haid sareung nifas.

    Pangsaalitna waktos haid nyaeta sadinteun sawengi atanapi 24 jam secara terus-menerus, pangseerna 15 dinteun 15 wengi. Pami ngalewihan 15 dinteun namina darah istihadoh, kagalibanna waktos haid nyaeta 6 dinteun atanapi 7 dinteun.

    Ari pangsaalitna waktos nifas nyaeta sakali kaluar tina waktosna bayi kaluar secara sampurna. Pangseerna waktos nifas nyaeta 60 dinteun, kagalibanna mah 40 dinteun.

    Ari pangsaalitna waktos suci diantara 2 haid nyaeta 15 dinteun, kagaliban waktos suci diantara 2 haid nyaeta 24 dinteun atanapi 23 dinteun, kanggo kaseseeran waktos suci teu aya batesannana.

    Pangminimalna umur istri anu haid nyaeta 9 tahun kalawan tahunan hijriyah.Pangminimalna waktu hamil nyaeta 6 bulan, pangseerna waktu hamil nyaeta 4 tahun. Kagaliban waktos hamil nyaeta 9 tahun.

    Paharaman ka Istri anu haid sareung nifas aya 8 :

1). Haram ngalaksanakeun sholat, bade sholat fardu atanapi sholat sunat. Nya kitu deui haram ngalaksanakeun sujud tilawah sareung sujud syukur.
2). Haram ngalaksankeun puasa , bade puasa fardu atanapi sunat. 
3). Haram maca Qur'an.
4). Haram nyabak Qur'an sareung mawa Qur'an.
5). Haram lebet ka masjid pami mikasieun kan urat aretna getih, pami teu mikasieun mah hukumna makhruh.
6). Haram ngalaksankeun towaf, bade fardu atanapi sunat.
7). Haram Ngajima bade kana qubul atanapi dubur, bahkan sunat hukumna pikeun jalmi anu kana qubul mayar pake sodakoh, sareung anu ngajima sunat sodakoh satengah dinar.
8). Haram dialap suka antara bujal sareung tuur.

    Paharaman ka jalmi anu ngagaduhan hadas aya 3 :
1). Haram Sholat
2). Haram Towaf 
3). Haram nyandak Qur'an termasuk nyepeng kana pinggir Qur'an atanapi peti Al-Qur'an.

Selasa, 23 November 2021

PASAL MERTELAKEUN TENTANG NAJIS SAREUNG CARA NGAHILANGKEUNANA

     Setiap perkara anu kaluar tina palawangan payun sareung pengker hukumna najis kecuali cai mani. sareung ngumbah kana cai kahampangan bade nu jalmi atanapi nu hewan atanapi kotoran jalmi sareung hewan hukumna wajib, kecuali cikahampangan murangkalih pameget anu can barang tuang kecuali cai susu ibuna. Cai kahampangan nu eta tiasa disucikeun ku cara ngepretkeun cai kana eta najis.

    Salianti najis nu etamah teu dihampura kecuali najisna saalit sapertoskeun getih, nanah, sareung hewan anu heunteu ngocor getihna dimana-mana ragrag kana wadah eta dihampura sareung hewanna paeh dina eta wawadah, maka eta hewan anu paeh nu teu ngocor getihna heunteu nganajisan wadahna.

    Hewan sadayana hukumna suci kecuali anjing sareung babi sareung anu dilahirkeun ku anjing sareung babi atanapi tina hasil silang anjing sareung babi , termasuk deui hukumna suci bilatung anu dilahirkeun tina najis sapertoskeun bijil bilatung tina bugang anjing. Sadayana bangke hukumna najis kecuali lauk, simet sareung bugangna jalmi.

    Wadah anu kakeunaan ku letakan anjing atawa babi di kumbah tujuh balikan anu salahsahijina dicampuran ku taneuh. sakanteunan tina najis anjing jeung babi mah disucikeun sakali balikan dina saba'da ngahilangkeun rsa rupa jeung ambeu nu najis, Nu langkung utamimah 3 balikan.

    Arak tiasa jadi suci ku cara dijadikeun cuka ku dzalifah sorangan di antep pami eta arak ku sabab dicampuran sesuatu mangka eta arak teu bisa jadi suci.

Senin, 22 November 2021

TAYAMUM

     Syarat Tayamum aya 5 :

1). Ayana alesan kusabab perjalanan atanapi teu damang.
2). Keda tos lebet waktu sholat.
3). Milarian heula kana cai.
4). Teu tiasa ngagunakeun cai sareung hese milarian cai.
5). Tanehna anu suci, bari aya kekebulan
    pami taneuhna kacampuran ku kapur atanapi ku kesik maka teu tiasa dianggo tayamum.

-----Do'a Tayamum bade sholat-----

نَوَيْتُ التَّيَمُّمَ لِاسْتِبَاحَةِ الصَّلَاةِ فَرْضًالِلّٰهِ تَعَالَى

"Niat abdi tayamum karena bade ngalaksanakeun sholat fardu karena Allah."

-----Niat Tayamum Adus-----

 نَوَيْتُ التَّيَمُّمَ بَدَلًاعَنِ الْغُسْلِ فَرْضًالِلّٰهِ تَعَالَى

"Niat abdi tayamum karena gaganti tina adus fardu karena Allah Ta'ala)."

    Pasunnatan Tayamum

1. Maca Basmallah
2. Mayunkeun nu katuhu mengkerkeun anu kenca
3. Tuluy-tuluy


    
Nu matak ngabatalkeun kana tayamum aya 3 :

1. Setiap perkara anu matak ngabatalkeun kana wudhu
2. Kusabab ayana cai, pami tayamumna kusabab teu aya cai.
3. Murtad/ kaluar tina agama islam.

    Jalmi anu ngango perban nalika wudhuna perbanna di usap sareung ngalaksanakeun tayamum saatos wudhuna teras ngalaksanakeun sholat.

    Setiap sakali tayamum dianggo kanggo midamel hiji kawajiban, dina perkawis sholat sunat mah bilih bade sakali tayamum mangga atanapi dian setiap pasunatan di tayamuman. 

NGUSAP KANA KAOS KAKI DUA DINA NALIKA WUDHU

     Ari ngusap kana kaos kaki 2 dina nalika wudhu hukumna kenging. Dina adus wajib atanapi sunat sareung ngahilangkeun najis etamah teu kenging kaos kakina kedah dibuka.

    Sayarat Ngusapna aya 3 :

1). Nganggona kan eta kaos kaki kedah saatos susuci anu sampurna.
2). Kaos kakina kedah nutupan kan anu wajib dikumbah dina nalika wudhu nyaeta sampean 2 dugi kana mumuncangan.
3). Kaos kakina kedah ngamungkinkeun kana terus-terusan berjalan, hartosna : nging babari ruksak.

    Lamina susuci jalmi anu cicing dilembur sadinteun sawengi atanapi 24 jam. Sareung kanggo dina anu perjalanan tiasa ngusap kana eta kaos kaki dina nalika susuci lamina 3 dinteun 3 wengi. Pami ngusapna nuju di lembur teras angkat-angkatan maka lamina ngusap  kana eta kaos kaki sadinteun sawengi atanapi ngusap kaos kakina dina perjalanan teras netep di hiji tempat maka sami lamina ngusap kaos kaki sadinteun sawengi.

    Nu matak ngabatalkeun kana ngusap kaos kaki aya 3 :

1). Pami kaos kakina diudar.
2). Nalika seep waktu ngusapna.
3). Setiap perkara nu ngawajibkeun kana adus.

ADUS(MANDI BESAR)

     Nu matak ngabatalkeun kana adus sadayana aya 6, anu 3 aya di pameget sareung istri nyaeta :

1). Ngalebetkeun hasafah kan Parji hartosna paantel alat kelamin 2 anu khitan atanapi pameget sareung istri.
2). Kaluar cai mani
3). Maot

    Nu 3 deui khusus aya di istri nyaeta haid, nifas, sareung ngalahirkeun.

    Fardhuna adus aya 3 :

1. Niat
2. Ngalengitkeun najis nu aya dina badan
3. Ngaratakeun cai kana sadayana rambut sareung kulit.

    Pasunatan adus

1. Maca basmallah
2. wudhu samemeh adus
3. Ngagosok ku panangan kana badan
4. Tuluy-tuluy
5. Mayunkeun anu katuhu manderikeun anu kenca.

    Anu disunatkeun adus aya 17 :
1. Pikeun jalmi anu bade sholat jum'at, waktuna timimiti bijil fajar.
2. Nu bade sholat idul fitri sareung idul adha, waktuna nyaeta ti pertengahan malam.
3. Nalika bade sholat istisqo.
4. Nalika bade sholat gerhana bulan.
5. Nalika bade sholat gerhana matahari.
6. Jalmi nu tos ngamandian mayit.
7. Jalmi kafir nalika lebet islam.
8. Jalmi anu gelo nalika damang deui.
9. Jalmi anu ayan/pingsan atanapi kasurupan dimana-mana sadar deui.
10. Jalmi anu bade ihrom, bade nu tos baleg atanapi acan, anu gelo atanapi sareung anu sehat akalna, anu suci atanapi nuju haid.
11. Nalika lebet ka kota mekah karena ihrom haji atanapi umroh.
12. Nalika wukuf di arafah nyaeta tanggal 9 dzulhijjah.
13. Nalika ngawengi di Muzdalifah.
14. Nalika bade mabet kana jumroh anu 3.
15. Nalika bade towaf.
16. Nalika bade Sa'i.
17. Nalika bade lebet ka kota madinah.

BAB PANGBATALAN WUDHU

 Pangbatalan Wudhu

Nu matak ngabatalkeun kana wudhu aya 6 :

1. Setiap perkara nu kaluar tina qubur sareung dubur kecuali cai mani.

2. Kulem anu henteu netepkeun kana biritna.

3. Lengit akal kusaba were atanapi mabok anatapi kusaba teu damang.

4. Paantel kulit istri sareung pameget anu sanes muhrim bari teu aya anu ngahalangan.

5. Nyabak kana gagaduhan jalmi bade nu batur atanapi nu nyalira ku telapak tangan.

6. Nyabak kana bubuled dubur(palangan pengker)

BAB ISTINJA

BAB ISTINJA

    Susuci tina kahampangan sareung miceun hukumna wajib.Nu langkung utami susucina ku batu diterasaan ku cai.Kenging susuci ku cai hungkul atanapi ku batu wungkul kalwan ku 3 batu, pami abde anu langkung sae nyaeta ku cai. Sareung deui nalika kahampangan sareung miceun kedah nebihan tina mayun kiblat sareung mengkeran kiblat nalika di lapangan/tempat terbuka sareung teu kenging kahampangan dina cai anu cicing atanapi, dina handapeun tangkal anu sok buahan, atanapi ditengah jalan, atanapi dina tempat ngiuhan anatapi dina laing, sareung teu kenging nyarios, sareung teu kenging mayun kana panon poe, atanpi kana bulan, sareung teu kenging mengkeran panon poe sareung bulan.

PASUNNATAN DINA WUDHU

 Pasunnatan dina wudhu aya 10 :

1. Maca Basmallah
2. Ngumbah telapak tangan 
3. Kekemu
4. nyingrep cai kana pangambung 
5. Ngusap sadaya sirah
6. Ngusap cepil 2 luarna sareung jerona 
7. Nyela-nyela jenggot anu kandel 
8. Nyela-nyela ramo-ramo tangan dua sareung dampal dua
9. Mayunkeun anu katuhu manderikeun anu kenca sareung 3 kali 3 kali
10. Tuluy-tuluy

Do'a Ngumbah Telapak tangan 2 :

اللهم اجْعَلْنِى مَاءًطَهُوْرًا

" Ya Allah, mugi ngajanteunkeun ka abdi kana cai anu suci"

Do'a Kekemu : 

اللهم اَعِنِّى عَلَى ذِكْرِكَ وَشُكْرِكَ وَحُسْنِى عِبَادَتِكَ

" Ya Allah, mugi gusti nulungan ka abdi kana tiasa dzikir ka gusti sareung syukuranka gusti , sareung sae ibadah ka gusti."

Do'a Nyingreup Cai kana pangambung :

اللهم اَرِحْنِى رَائِحَةَالْجَنَّةَ

"Ya Allah mugi masihan ambeu ka abdi, kalawan sengit syurga."

Do'a Ngusap Rambut : 

اللهم حَرِّمْ شَعْرِيْ وَبَشَرِيْ عَلَى النَّارِ

"Ya Allah, mugi ngaharamkeun rambut abdi sareung kulit abdi kana sene naraka."

Do'a Ngumbah Telapak tangan :

اللهم احْفَظْ يَدَيَّ مِنْ مَعَا صِيْكَ كُلِّهَا

"Ya Allah, mugi ngajaga kana tangan abdi tina ma'siat ka gusti."

Do'a Ngumbah Raray :

اللهم بَيَّضْ وَجْهِيْ يَوْمَ تَبْيَضُّ وُجُوْهُ وَنَسْوَدُّوُجُوْهُ

"Ya Allah, mugi ngabodaskeun kana wajah abdi, dina dinteunan wajah-wajah harideun."

Do'a Ngumbah tangan katuhu :

اللهم اَعْتِنِى كِتَابِيْ بِيَمِنِى وَحَا سِبْنِى حِسَابًايَّسِيْرَ

"Ya Allah, mugi masihkeun kana kitab abdi ka tangan katuhu sareung mugi ngahisab abdi kalawan hisaban anu gampil."

Do'a Ngumbah Tangan Kenca :

اللهم لَاتُعْطِنِيْ كْتَابِيْ بِشِمَالِى اَوْمِنْ وَرَاءِظَهْرِيْ

"Ya Allah, mugi teu masihkeun kana kitab abdi ka tangan kenca, atanapi ti palih pengker."

Do'a Ngusap Cepil 2 :

اللهم اجْعَلْنِي مِنَ الَّذِيْنَ يَسْتَمِعُوْنَ الْقَوْلَ فَيَتَّبِعُوْنَ مَا اَحْسَنَهُ

"Ya Allah, nuga ngajanteunkeun ka abdi ti golongan jalmi-jalmi anu ngupingkeun jana cariosan sareung nuturkeun kana kasaean."

Do'a Ngumbah Sampean :

اللهم ثَبِّتْ قَدَمِيْ يَوْمَ تَزِلُ فِيْهِ اْلاَقْدَامِ 

"Ya Allah, mugi nitipkeun/Nyalametkeun sampean abdi, dina dinteunan sampean jalmi-jalmi tisoledat(jempatan sirotol mustaqim)."