FADILAH
DINA MACA SURAT ANU MULYA
1). Surat Al-Fatihah
Katampi ti Hudaifah bin Yaman sayaktosna Rasululah SAW parantos ngadawuh "Allah ngutus kahiji kaom kana siksaaan anu parantos kana surat al-fatihah salajeungna Allah nguping kana aosan eta murangkalih teras jadi sabab diangkatna siksaan ti eta kaom salami 40 tahun"
2). Surat Al-baqarah
Kanjeung Nabi parantos ngadawuh jalmi anu maos surat al-baqarah atanapi mempelajari kan ma'nana maka kenging kabarokahan. Sareung jalmi anu teu belajar kana surat Al-baqarah bakal menang karugian jalmi nu moal kawasaen ngaos kana surat al-Baqarah nyaeta tukang sihir hungkul.
3). Surat Ali Imran
Dawuhan kanjeung Nabi SAW saha jalma anu ngaos surat Ali Imran dina dinteun juma'ah maka Allah sareung pirang-pirang malaikat bakal maparinan rahmat ka eta jalmi dugika surup panon poe.
4). An-Nisa
Saur kanjeung Nabi SAW jalmi anu ngaos surat An-Nisa maka seperti sodakoh kasadaya mu.min pameget sareung mu'min istri sareung sapertoskeun ngawaris kana pirang-pirang warisan sareung dipaparinan ganjaran sapertoskeun ngamerdekakeun abid, sareung dibebaskeun tina kamusyrikan sareung eta jalmi aya dina kersana Allah ti golongan jalmi anu dihampura.
5). Surat Al-Maidah
Ka sauran ti Kanjeung Nabi SAW saha jalmi anu maos kana surat Al-Maidah maka bakal dipaparianan ganjaran 10 pirang-pirang kasaean sareung dihapus ti eta jalmi 10 pirang-pirang kasaean
6). Surat Al-An'am
Katampi ti kanjeung Nabi (Rasulullah) SAW surat Al-An'am dilungsurkan secara menyeluruh, digiringkan 70.000 malaikat sadayana eta malaikat sambil maoskeun tasbih sareung tahmid saha jalmi anu maos kana surat Al-An'am maka malaikat nu 70.000 bakal maparinan rahmat ka eta jalmi sareng mangmentakeun hampura ka eta jalmi kalawan sabingbilangan saban-saban ayat tina surat Al-An'am salami sadinteun sawengi.
7). Surat Al-A'raf
Katampi Ti kanjeung Nabi SAW saha jalma nu ngaos surat Al-A'raf maka Allah bakal ngajanteunkeun dina poe kiamah anatara eta jalmi sareng antara iblis kana hahalang sareng nabi adam dina poe kiamah bakal nyapa'atan ka eta jalmi.
8). Surat Al-Anfal
Katampi ti Kanjeung Nabi SAW saha jalmi nu maos kana surat al-anfal sareng surant At-Taubah maka kanjeung nabi bakal maparin syafaat dina dinteun kiamah, sareung nabi bersaksi ka eta jalmi yen eta jalmi terbebas tina sifat minafiq, sareung eta jalmi bakal dipaparin 10 pirang-pirang kasaean kalawan sabingbilangan jalma munafiq nu aya di alam dunya, sareung eta jalmi bakal dipangmentakeun hampura ku arasy sareung eta malaikat nu mikul eta arasy.
9). Surat At-taubah
Katampi ti Kanjeung Nabi SAW Allah ngalungsurkeun al-qur'an ka Kanjeung Nabi saayat-saayat sareung sahuruf-sahuruf kecuali surat At-Taubah sareung surat Al-Ikhlas Allah ngalungsurkeun kana 2 surat eta disareungkeun ku 70.000 jajar pirang-pirang malaikat.
10). Surat Yunus
Katampi ti kanjeung Nabi SAW saha jalmi anu ngaos surat yunus maka Allah bakal dipaparin ganjaran 10 pirang-pirang kasaean kalawan sabingbilangan jalmi anu ngabenerkeun ka Nabi Yusus jeung nu ngabohongkeun kan Nabi Yunus jeung sabingbilangan jalmi anu dikerepkeun sarta Fir'aun.
11). Surat Hud
Katampi ti Kanjeung Rasul SAW saha jalmi anu ngaos kana surat Hud maka bakal dipaparin ganjaran 10 pirang-pirang kasaean kalawan sabingbilangan jalmi anu ngabenerkeun ka Nabi Nuh sareung ngabohongkeun ka Nabi Nuh sareung nu ngabenerkeun ka Nabi Hud sareung Nabi Soleh sareung Nabi Sueb sareung Nabi Luth sareung Nabi Ibrahim sareung Nabi Musa sareung eta jalmi dina poe kiamat bakal termasuk ka golonan jalmi-jalmi anu bagja.
12). Surat Yusuf
katampi ti kanjeung Nabi SAW anjeun kudu ngajarkeun surat yusuf ka budak-budak aranjeun. Sebab jalmi muslim maca surat yusuf sareung ngajarkeun ka budak-budakna sarta kakulawargana maka Allah bakal masihan kagampilan sakaratul maut sareung Allah bakal masihan kakuatan supaya jadi muslim anu teu gampang hasut.
13). Ar-Ra'd
Katampi ti kanjeung Nabi SAW saha jalmi anu maca surat Ar-Ra'd maka bakal dipaparin ganjaran 10 pirang-pirang kasaean kalawan timbangan saban-saban hujan anu ageung anu parantos kalangkung sareung saban-saban anu ageung nu bakal kasorang dugi ka poe kiamat sareung Allah bakal mutus ka eta jalmi dina poe kiamat ti golongan jalmi-jalmi anu dinyumponan janjina.
14). Surat Ibrahim
Katampi ti Kanjeung Nabi SAW saha jalma anu ngaos surat Ibrahim maka bakal dipaparinan ganjaran 10 pirang-pirang kasaean kalawan sabingbilangan jalma anu ibadah kana berhala jeung sabingbilangan jalmi anu teu ibadah kana berhala.
15). Surat Al-Hijr
Katampi ti Kanjeung Nabi SAW saha jalma anu ngaos Surat Al-Hijr Maka bakal dipaparin 10 pirang-pirang kasaean kalawan sabingbilangan sahabat Muhajirin sahabat Ansor sareung jalmi anu ngahina ka Kanjeung Nabi SAW.
16). Surat An-Nahl
Katampi ti Kanjeung Nabi SAW saha jalmi anu ngaos surat An-Nahl maka Allah moal ngahisab ka eta jalmi kana perkara nu ku Allah tos dipaparinkeun di dunya, sareung lamun eta jalmi maot dina dinteunan atanapi wengian maca surat An-Nahl maka Allah bakal maparinkeun ganjaran sapertikeun jalmi anu maca kana surat An-Nahl jeung kana ganjaran pangsae-saena wasiat.
17). Surat Al-Isra/Bani Israil
Katampi ti Kanjeung Nabi SAW saha jalma anu maca surat Bani Israil maka hatena bakal leuleus/ngeleketey nalika emut kana jadi ibu ramana sareung eta jalmi isukan di surga bakal meunang harta banda jeung meunang gedung-gedung anu betingkat ari hartana ukuran 1.100 aukiyah(26,4 kg emas) Allah nu maha uninga kana ganjaran sareung ka Allah hungkul urang sadayana kembali jeung pangbalikan.
18) Surat Al-Kahf
Katampi ti Kanjeung Nabi SAW saha jalma anu ngaos surat Al-Kahf maka bakal kengingkeun cahaya sanaos macana henteu tamat ibarat kaki gunung nepika puncakna sareung saha jalma anu ngaos surat Al-Kahf sadayna surat bakal dipaparinan cahaya ibarat ti bumi ka langit.
19). Surat Maryam
Katampi ti Kanjeung Nabi SAW saha jalma anu ngaos surat Maryam maka bakal dipaparinan ganjaran 10 pirang-pirang kasaean kalawan sabingbilangan jalma anu ngabohongkeun sareung ngabenerkeun ka Nabi Zakariyya sareung ka Nabi Yahya sareung ka Siti Maryam sareung Nabi Isa sareung sakantuna pirang-pirang Nabi anu sanes , anu sanes di carioskeun dina surat Maryam, sareung kalawan sabingbilangan jalmi anu ngadu'a ka Allah sareung jalmi nu teu ngadu'a ka Allah di dunya.
20). Surat Ta-Ha
Katampi ti Kanjeung Nabi SAW saha jalma anu ngaos surat Ta-Ha maka bakal dipaparinan ganjaran dina poe kiamat sapertoskeun ganjaran sohabat Ansor sareung Muhajirin anu sadayana ngengingkeun karidhoan ti gusti Allah.
21). Surat Al-Anbiya
Katampi ti kanjeung Nabi SAW saha jalma anu ngaos Surat Al-Anbiya maka Allah bakal dihisab kalawan hisaban anu gampang sareung sadaya para Nabi nu dicarioskeun tina Qur'an bakal ngalaman ka eta jalmi isukan di akhirat.
22). Surat Al-Hajj
Katampi ti Kanjeung Nabi SAW saha jalma anu ngaos Surat Al-Hajj maka bakal dipaparinan ganjaran ibadah haji sareung umroh kalawan sabingbilangan jalmi anu haji sareung umroh dina waktu kaliwat sareung waktu anu bakal datang.
23). Surat Al-Mu'minun
Katampi ti Kanjeung Nabi SAW saha jalma anu ngaos surat Al-Mu'minun 10 ayat anu awal maka bakal lebet surga. Diriwayatkan sayaktosna kawitan surat Al-Mu'minun sareung akhir surat Al-Mu'minun eta mangrupikeun sapalihna tina gudangna surga. Saha jalma anu ngamalkeun kana 5 ayat awal surat Al-Mu'minun jeung ngalap pinutur tina 4 ayat terakhir Surat Al-Mu'minun maka eta jalma bakal bagja sareung salamet.
24).




Categories :
Lana Tech


0 komentar:
Posting Komentar