Pages

Kamis, 18 November 2021

KITAB MERTELAKEUN SUSUCI

    Cai Nu Kenging dianggo Susuci ya 7 :

1. cai Hujan
2. Cai Laut
3. Cai Sungai
4. Cai Sumur
5. Cai Burial(Mata Air)
6. Cai Salju/Cai Embun
7. Cai Es /Cai Tiis

    Cai Kabagi 4 Bagian:
1. Cai Suci Tur Nyucikeun anu henteu makhruh ngagunakeuna nyaeta cai mutlak.
2. Cai Suci Tur Nyucikeun anu makhruh ngagunakeuna, nyaeta cai anu panas.
3. Cai Tapi Teu Nyucikeun, nyaeta cai tilas nganggo ngalengitkeun hadas atanapi najis sareung cai nu barobah kusabab ku kacampuran perkara anu suci.
4.  Cai Najis, nyaeta cai anu kaasupan ku najis bari kurang dua kulah anatapi cai dua kulah barobah rasa, rupa, ambeu

    Kulit bugang bisa jadi suci ku cara disamak kecuali,kulit anjing sareung babi, sareung anak-anakna anjing sareung babi,atanapi salah sahiji anjing sareung babi. Tulang bugang sareung rambutna dihukuman najis kecuali, tulang sareung rambut tulang jalmi.

    Hukumna teu kenging nganggo wawadahan nu terbuat tina emas sareung perak. Ari salianti wawadahan tina emas sareung perak etamah kenging dianggo.

0 komentar:

Posting Komentar