Getih anu kaluar tina parjina istri sadayana aya 3:
1). Getih Haid
2). Getih Nifas
3). Getih Istihadoh
Darah Haid nyaeta darah anu kaluar tina parjina istri dina kaayaan sehat teu aya sabab ngalahirkeun, warnana semu hideung kaberem-bereman jiga kaduruk.
Darah Nifas nyaeta darah anu kaluar dina saba'da sampurna ngalahirkeun. Pami darah nu kaluar babareungan sareung bayi nalika lahir atanapi samemeh lahir darahna teu dinamian darah nifas.
Darah Istihadoh nyaeta darah anu kaluar dina salianti dinteunan haid sareung nifas.
Pangsaalitna waktos haid nyaeta sadinteun sawengi atanapi 24 jam secara terus-menerus, pangseerna 15 dinteun 15 wengi. Pami ngalewihan 15 dinteun namina darah istihadoh, kagalibanna waktos haid nyaeta 6 dinteun atanapi 7 dinteun.
Ari pangsaalitna waktos nifas nyaeta sakali kaluar tina waktosna bayi kaluar secara sampurna. Pangseerna waktos nifas nyaeta 60 dinteun, kagalibanna mah 40 dinteun.
Ari pangsaalitna waktos suci diantara 2 haid nyaeta 15 dinteun, kagaliban waktos suci diantara 2 haid nyaeta 24 dinteun atanapi 23 dinteun, kanggo kaseseeran waktos suci teu aya batesannana.
Pangminimalna umur istri anu haid nyaeta 9 tahun kalawan tahunan hijriyah.Pangminimalna waktu hamil nyaeta 6 bulan, pangseerna waktu hamil nyaeta 4 tahun. Kagaliban waktos hamil nyaeta 9 tahun.
Paharaman ka Istri anu haid sareung nifas aya 8 :
1). Haram ngalaksanakeun sholat, bade sholat fardu atanapi sholat sunat. Nya kitu deui haram ngalaksanakeun sujud tilawah sareung sujud syukur.2). Haram ngalaksankeun puasa , bade puasa fardu atanapi sunat.
3). Haram maca Qur'an.
4). Haram nyabak Qur'an sareung mawa Qur'an.
5). Haram lebet ka masjid pami mikasieun kan urat aretna getih, pami teu mikasieun mah hukumna makhruh.
6). Haram ngalaksankeun towaf, bade fardu atanapi sunat.
7). Haram Ngajima bade kana qubul atanapi dubur, bahkan sunat hukumna pikeun jalmi anu kana qubul mayar pake sodakoh, sareung anu ngajima sunat sodakoh satengah dinar.




Categories :
Lana Tech


0 komentar:
Posting Komentar