Pages

Selasa, 04 Oktober 2022

AQOIDUL IMAN

 AQOIDUL IMAN

AQOIDUL IMAN

Ari aqoidna iman

Eta aya 50 perkara

20 anu wajib di Allah

20 anu mohal di Allah

        Hiji nu wenang di Allah

        Jadi jumlah 41

        Opat nu wajib di rosul

        Opat nu mohal di rosul

Hiji nu wenang di rosul

Jadi jumlahna salapan

Salapan sareung 41

Jadi jumlah sadayana 50


SIFAT WAJIB DI ALLAH

Wujud Kitab baqo

Mukholafatu lil hawadisi

Qiyamuhu Binafsihi

Wahdaniyat qudrot irodat

        Ilmu hayat sama

        Basor kalam kodiron muridan

        Aliman hayyan

        Sami'an basiron mutakaliman

Aya heubeul langgeng

Beda jeung sakabeh nu anyar

Jumeneng kalawan datna

Hiji Allah dina datna

        Hiji na sifatna

        Hiji padamelanana

        Kawasa kersa

        Uninga hirupna

Ngadangu Ningali

Sasauran bukti kawasa

Bukti Allah kersa

Nu uninga anu hirupna

        Bukti nu ngadangu

        Nu ningali anu ngadawuh

        Jadi sadayana nu wajibna dua puluh


SIFAT MOHAL/MUSTAHIL DI ALLAH

Adam hudus fana

Mumasalah lilhawadisi

Ihtiyaj ta'adud

Ajzu karohah

        Jahal maot soma

        Umyun bukmun kaunuhu ajizan

        Karihan jahilan mayitan

        Asoma a'ma abkama

Eweuh anyar ruksak

Sarupa rejeung nu anyar

Butuh kana tempat

Sareng butuh kanu ngayakeun 

        Bingbilangan datna

        Sifatna sarng damelna

        Apes kapaksa

        Bodo maot torek lolongna

Pireu bukti Allah

Anu apes anu kapaksa

Anu bodo maot

Torek lolong sajabana


SIFAT WENANG DI ALLOH

Sifat wenang di Alloh : فِعْلُ كُلِّ مُمْكِنٍ اَوْتَرْقُهُ

    Artina : Alloh mungkin midamel kana perkara, sareng mungkin teu midamel ana perkara


Wenang di Allohna midamel barang nu mungkin

Taya anu wajib midamel barang nu mungkin


SIFAT NU WAJIB SARENG MOHAL DI ROSUL

Sidiq amanah tabligh fatonah

Kidib khiyanat kitman biladah

Bener Kapercaya ngadugikeun rejeung pinter

Bohon cidera nyumutkeun jeung bodo


SIFAT WENANG DI ROSUL

Sifat wenang di Rosul :  اَعْرَضُ الْبَشَرِيَّةْ

    Artina : Sifat kamanusian


Wenang di rosulna sifat manusia biasa

Taya tuang leuet angkat kulem sajabana


0 komentar:

Posting Komentar