RUNDAYAN KANJENG NABI
RUNDAYAN TI RAMANA
Wajib ka jalma muslimna
Uninga rundayanana
Jaeng Nabi utusan Allah
Muhammad putrana Abdullah
Abdullah putra mutolib
Mutolib putrana Hasyim
Hasyim putra Abdi JManaf
Abdi Manaf putra Qusoy
Qusoy putrana Kilab
Kilab putrana Muroh
Muroh putrana Ka'ab
Ka'ab putrana Lu'ay
Lu'ay putrana Golib
Golib putrana Fihir
Fihir putrana Malik
Malik putrana Nador
Nador putrana Kinana
Kinana Bin Khuzaimah
Khuzaimah putra Mudrikah
Mudrikah putrana Ilyas
Ilyas putrana Mudor
Mudor putrana Nizar
Mizar putrana Ma'ad
Ma'ad putrana Adnan
Nu wajib dugika Adnan
Haram nguningakeunana
Ti Adanan dugi ka Adnan
Sabab taya jalan shoheh 2x
RUNDAYAN TI IBUNA
Wajib deui Uningana
Rundayana ti ibuna
Jeng Nabi utusan Allah
Muhammad putra Aminah
Aminah putrina Wahab
Wahab putra Amdi Manaf
Abdi Manaf putra Zuhroh
Zuhroh putrana Kilab
Tepang deui ti Eyangna
Ti Kilab janggawarengna
Jadi ibu jeung Ramana
Masih keneh sarundayan 2x
PUTRA PUTRI ROSULULLOH
Ari putra Rosulullah
Sadayana aya 7
Genep ti Siti Khodijah
Hiji ti Siti Mariyah
Sayid Qosim pangcikalna
Siti Zenab kaduana
Rukoyah nu panggelisna
Fatimah nu di asihna
Umi Kulsum kalimana
Abdullah nu kagenepna
Sayid qosim katelahna
Nu genep ti Khodijahna
Ibrahim nu ka tujuhna
Mariah janteun Ibuna
Urang Qibti nagarana
Pamasihan ti rajana 2x
NADOM VERSI 2
Anak anak Nabi
Ada tujuh orang
empat laki laki
tiga perempuan
yang pertama Qosim
Abdullah Ibrahim
Zaenab Rukoyah
Fatimah Ummu Kulsum




Categories :
Lana Tech


0 komentar:
Posting Komentar