PARA NABI
Para Nabi nu wajib dikanyahokeun
Eta jumlahna salawe di terangkeun
Hiji Adam dua Idris tilu ENuh
Opat Nabi Hud kalima nabi Soleh
Genep Ibrohim tujuh Luth kadalapan
Ismail salapan Ishaq pek bilangan
Sapuluh Yakub sabelas Yusuf dua
Belas Ayub tiluas Su'eb teu boa
Opat belas Harun lima belas Musa
Genep belas eta Kanjeng Nabi Yasa
Tujuh belas Dzulkifli Dalapan Belas
Nabi daud Sulaiman salapan belas
Dua puluh Ilyas ka salikur yunus
Dua likur Nabi Zakaria putus
Tilu likur Yahya opat likur Isya
Salawe Nabi Muhammad yang Sentosa
Mugi tetep rohmat salam ka sadaya
Para Nabi jeung kulawargi sadaya




Categories :
Lana Tech


0 komentar:
Posting Komentar