AHLI SURGA
Umat nabi di cawiskeun
Ka surga tujuh golongan
Kahiji jalman berehan
Getol tobat ka pangeran
Kadua jalma berehan
Sodaqoh teu di tembongkeun
Tilu anu unggal dinteun
Solat duha didawamkeun
Opat tukang berjama'ah
Sanaos seeur kariweuh
Leungit harta hneteu susah
Batan kantun berjama'ah
Lima surga dicawiskeun
Jalma nu ngocor cipanon
Bongan sieun ku pangeran
Dosa alit di tobatan
Ari anu kagenepna
Resep ngariung ulama
Ngadangukeun pituiduhna
Sangkan bagja Akhiratna
Tujuh syurga di cawiskeun
Jalma nu teu daek Zina
Najan geulis nu ngagoda
Sieun ku siksa naraka




Categories :
Lana Tech


0 komentar:
Posting Komentar