Sholat anu di fardukeun sadayana aya 5 :
1). Sholat Dzuhur, awal waktu sholat dzuhur nyaeta ti ngawitan lingsirna panon poe, sareung akhirna nyaeta jadina bayangan setiap perkara sami sareung eta perkarana.2). Sholat Asar, awal waktu sholat asar nyaeta, nalika bayangan hiji perkara ngalewihan tina perkarana dugika surupna panon poe.
3). Sholat Magrib, awal waktu sholat magrib nyaeta timimiti surupna panon poe dugika surupna mega anu beureum.
4). Sholat Isya, awal waktu sholat isya nyaeta ti kawitan surupna mega beureum dugika bijilna fajar anu ka dua/ fajar sidiq.
5). Sholat Subuh, awal waktu sholat Subuh nyaeta ti ngawitan bijil fajar sidiq dugika bijilna panon poe.
Syarat- syarat wajib sholat aya 3 :
2). Baleg, teu wajib sholat ka jalmi murangkalih bade istri bade pameget, tapi wajib marentah ngalaksankeun sholat nalika ts dugi umur 7 tahun, sareung kedah diteunggeul jalmi/ murangkalih anu ninggalkeun sholat nalika umur 10 tahun.
3). Berakal, sholat teu wajib ka jalmi anu gelo.
Sholat anu di sunatkeun aya 5 :
1. Sholat Idul Fitri
2. Sholat Idul adha
3. Sholat Gerhana Matahari
4. Sholat Gerahana Bulan
5. Sholat Istisqo
Sholat sunat anu nuturkeun kana sholat fardu/rowatib aya 17 roka'at :
1). 2 roka'at sateuacana subuh,
2). 4 roka'at sateuacana dzuhur,
3). 2 roka'at saba'da dzuhur,
4). 4 roka'at samemeh asar,
5). 2 roka'at saba'da magrib,
6). 3 roka'at saba'da isya, termasuk tinu 3 roka'at teh ditambihan sholat witir saroka'at.
Sholat sunat anu dianjurkan dilaksankeun salianti anu nuturkeun sholat fardu sadayana aya 3 :
1. Sholat malam/sholat tahajud.
2. Sholat dhuha, pangsaalitna sholat dhuha nyaeta 2 roka'at, pangseerna nyaeat 12 roka'at, waktuna timimiti naekna matahari dugika lingsirna matahari.
3. Sholat Taraweh, nyaeta 20 roka'at kalwan maca 10 salaman, nu dilaksanakeun setiap wengi Ramadhan.
Ari sayarat sholat samemeh nglakasanakeun sholat aya 5 :
1. Suci anggota badan tina hadast alit sareung alit hadast ageung, sareung suci tina najis dina anggoan, dina badan, sareung dina tempatna.
2. Nutupan aurat dina kaayaan nyalira atanapi kaayaan poek, pami teutiasa nutupan aurat tiasa sholat bari bubulucun/tataranjang, nutupan auratna kedah ku anggoan suci. Bahkan wajib deui nutupan auratna dina salianti bade sholat.
3. Cicing dina tempat anu suci, sholat teu sah pami sapalih badan atanapi anggoanna antel kana najis dina nalika ngadeg, atanapi calik, atanapi ruku, atanapi sujud.
4. Uninga kana lebetna waktu sholat.
5. Mayun ka kiblat ku dadana si jalmi.
Kenging sholat teu mayun ka kiblat dina 2 kaayaan :
1). Dina waktu sholat siddatilkhouf/sholat dina kaayaan gentingna peperangan.
2). Dina nalika sholat sunat perjalanan, perjalananna kedah dikengingkeun sanes perjalanan maksiat. Jalmi anu numpak kendaraan hewan teu wajib nempelkeun tarangna kana tonggong hewan balikta dikira-kirakeun ku cara dongko bari dongkona sujud kedah lewih handap ti batan dongkona ruku. Pami sholatna bari mapah kedah nyampurnakeun kana rukuna sareung dina sujudna dina mayun ka kiblat. Anapon ngalajeungkeun mapahna dina nalika ngadeg.
RUKUN SHOLAT
Rukun sholat aya 18 :
1. Niat
2. Ngadeg pikeun jalmu nu kawasa, pami teu tiasa bari ngadeg sholatna bari calik nu langkung utami calikna sapertos calik tahiyat awal.
3. Maca takbiratul ihram, lafadna kedah Allahu akbar salianti eta hukumna teu sah.
4. Maca fatihah, basmallah termasuk saayat tina fatihah.
5. Rukuk
6. Tuma'ninah dina rukuk. Ari ngaran tuma'ninah nyaeta cicing dina saba'da usik sakira-kira maca subhanallah.
7. Cengkat tina rukuk sareung i'tidal. Ari i'tidal nyaeta ngadeg sapertoskeun samemeh rukuk.
8. Tuma'ninah dina i'tidal
9. Sujud
10. Tuma'ninah dina sujud
11. Calik antara sujud 2
12. Tuma'ninah dina Calik antara sujud 2
13. Calik anu ahir
14. Maca tahiyat dina calik anu ahir
15. Maca sholawat ka kanjeung Nabi dina calik anu ahir.
16. Maca salam anu kahiji
17. Niat kaluar tina sholat
18. Tartib, hartosna tersusun tinu parantos dicarioskeun.




Categories :
Lana Tech


0 komentar:
Posting Komentar