Pages

Selasa, 04 Oktober 2022

DALAPAN RUPA ANU KEKAL ABADI

 DALAPAN RUPA ANU KEKAL ABADI


Dalapan rupa makhluk di hukuman langgengna

Salianti eta mah tangtu bakal ruksakna

Nyaeta Arasy kursi naraka jeung sawarga

Tulang cungcurungan roh loh mahfud jeng kolamna

NADHOMAN AKHIR ZAMAN

NADHOMAN AKHIR ZAMAN

اللهُمَّ بِقُوَّةٍ مِنَ الْاِيْمَانِ وَالْاِسْلَامِ

            فِى هَذَا الزَّمَانِ يَااَللهُ رَبَّ الْعَا لَمِيْنَ

Mugi gusti maparinan

Kakiyatan diri abdi

Dina nyepeng iman islam

ku gogoda ieu zaman

        Margi dina ieu zaman

        Seeur pisan kaanehan

        Anu matak ngahncurkeun

        ka imanan kaislaman

AHLI SURGA

 AHLI SURGA

Umat nabi di cawiskeun

Ka surga tujuh golongan

Kahiji jalman berehan

Getol tobat ka pangeran

        Kadua jalma berehan

        Sodaqoh teu di tembongkeun

        Tilu anu unggal dinteun

        Solat duha didawamkeun

Opat tukang berjama'ah

Sanaos seeur kariweuh

Leungit harta hneteu susah

Batan kantun berjama'ah

        Lima surga dicawiskeun

        Jalma nu ngocor cipanon

        Bongan sieun ku pangeran

        Dosa alit di tobatan

Ari anu kagenepna

Resep ngariung ulama

Ngadangukeun pituiduhna

Sangkan bagja Akhiratna

        Tujuh syurga di cawiskeun

        Jalma nu teu daek Zina

        Najan geulis nu ngagoda

        Sieun ku siksa naraka

FARDU WUDLU

 FARDU WUDLU

Fardu wudlu aya genep sadayana

Hiji niat kadua ngumbah rarayna

Tilu ngumbah tangan dua jeung sikuna

Opat ngusap saalit tina sirahna

Lima ngumbah dampal dua nepi kana

Mumuncangan tartib rukun ka genepna

NADOMAN SURAT AL-ASRI

 NADOMAN SURAT AL-ASRI

Sumpah kami demi zaman

Kabeh jalma karugian

Iwal jalma nu ariman

Nu ngamalkeun kasolehan

        Rejeung silih wasiatan

        Dina hak jeung kasobaran

        Anu kitu yain pisan

        Bakal meunang kabagjaan

RUKUN ISLAM

 RUKUN ISLAM

Ruun islam yang lima

Syahadat solat puasa

Zakat untu si Papa

Haji bagi yang kuasa

Siapa belum Solat dorr...

Siapa belum zakat

Kan rugi di Akhirat

Pasti Alloh melaknat

RUKUN IMAN

 RUKUN IMAN

Rukun iman itu ada enam

Satu percaya kepada Allah

Dua percaya kepada malaikat

tiga percaya kepada kitab

Empat percaya kepada Rosul

Lima percaya hari kiamat

Enam percaya Qodo dan Qodar

Qodo Qodar ketentuan Allah