Pages

Selasa, 04 Oktober 2022

DALAPAN RUPA ANU KEKAL ABADI

 DALAPAN RUPA ANU KEKAL ABADI


Dalapan rupa makhluk di hukuman langgengna

Salianti eta mah tangtu bakal ruksakna

Nyaeta Arasy kursi naraka jeung sawarga

Tulang cungcurungan roh loh mahfud jeng kolamna

NADHOMAN AKHIR ZAMAN

NADHOMAN AKHIR ZAMAN

اللهُمَّ بِقُوَّةٍ مِنَ الْاِيْمَانِ وَالْاِسْلَامِ

            فِى هَذَا الزَّمَانِ يَااَللهُ رَبَّ الْعَا لَمِيْنَ

Mugi gusti maparinan

Kakiyatan diri abdi

Dina nyepeng iman islam

ku gogoda ieu zaman

        Margi dina ieu zaman

        Seeur pisan kaanehan

        Anu matak ngahncurkeun

        ka imanan kaislaman

AHLI SURGA

 AHLI SURGA

Umat nabi di cawiskeun

Ka surga tujuh golongan

Kahiji jalman berehan

Getol tobat ka pangeran

        Kadua jalma berehan

        Sodaqoh teu di tembongkeun

        Tilu anu unggal dinteun

        Solat duha didawamkeun

Opat tukang berjama'ah

Sanaos seeur kariweuh

Leungit harta hneteu susah

Batan kantun berjama'ah

        Lima surga dicawiskeun

        Jalma nu ngocor cipanon

        Bongan sieun ku pangeran

        Dosa alit di tobatan

Ari anu kagenepna

Resep ngariung ulama

Ngadangukeun pituiduhna

Sangkan bagja Akhiratna

        Tujuh syurga di cawiskeun

        Jalma nu teu daek Zina

        Najan geulis nu ngagoda

        Sieun ku siksa naraka

FARDU WUDLU

 FARDU WUDLU

Fardu wudlu aya genep sadayana

Hiji niat kadua ngumbah rarayna

Tilu ngumbah tangan dua jeung sikuna

Opat ngusap saalit tina sirahna

Lima ngumbah dampal dua nepi kana

Mumuncangan tartib rukun ka genepna

NADOMAN SURAT AL-ASRI

 NADOMAN SURAT AL-ASRI

Sumpah kami demi zaman

Kabeh jalma karugian

Iwal jalma nu ariman

Nu ngamalkeun kasolehan

        Rejeung silih wasiatan

        Dina hak jeung kasobaran

        Anu kitu yain pisan

        Bakal meunang kabagjaan

RUKUN ISLAM

 RUKUN ISLAM

Ruun islam yang lima

Syahadat solat puasa

Zakat untu si Papa

Haji bagi yang kuasa

Siapa belum Solat dorr...

Siapa belum zakat

Kan rugi di Akhirat

Pasti Alloh melaknat

RUKUN IMAN

 RUKUN IMAN

Rukun iman itu ada enam

Satu percaya kepada Allah

Dua percaya kepada malaikat

tiga percaya kepada kitab

Empat percaya kepada Rosul

Lima percaya hari kiamat

Enam percaya Qodo dan Qodar

Qodo Qodar ketentuan Allah

TILU SYARAT MUKMIN

TILU SYARAT MUKMIN
Tilu syarat mu'min dina sah imanna
Hiji percaya ka Allah jeung Rosulna
Dua ngaku Allah pangeran manehna
Jeung ngaku Rosul eta Rosul manehna
Tilu nampi kana naon nu datangna
Ti kanjeng Rosul kabeh di tarimana

PARA NABI

 PARA NABI

Para Nabi nu wajib dikanyahokeun

Eta jumlahna salawe di terangkeun

Hiji Adam dua Idris tilu ENuh

Opat Nabi Hud kalima nabi Soleh

        Genep Ibrohim tujuh Luth kadalapan

        Ismail salapan Ishaq pek bilangan

        Sapuluh Yakub sabelas Yusuf dua

        Belas Ayub tiluas Su'eb teu boa

Opat belas Harun lima belas Musa

Genep belas eta Kanjeng Nabi Yasa

Tujuh belas Dzulkifli Dalapan Belas

Nabi daud Sulaiman salapan belas

        Dua puluh Ilyas ka salikur yunus

        Dua likur Nabi Zakaria putus

        Tilu likur Yahya opat likur Isya

Salawe Nabi Muhammad yang Sentosa

Mugi tetep rohmat salam ka sadaya

Para Nabi jeung kulawargi sadaya


PARA MALAIKAT

    PARA MALAIKAT

Malaikat nu wajib dikanyahoeun

Eta jumlahna sapuluh di terangkan

Kahijina Jibril kadua Mikail

Katilu Isrofil ka opat Azroil

        Kaima munkar ka genep Nakir tujuh

        Rokib kadalapan atid enggeus puguh

        Kasalapan Malik ka sapuluh Ridwan

        Di tambah sakaol malaikat Ruman.

Ari padamelan malaikat Jibril

Sok nyandak wahyu ti Alloh Robbul Jalil

Teras wahyu dicandak ka para Nabi

Teras Wahyu di tampi ku para Nabi

        Ari damelna malaikat Mikail

        Ngabagi rizki nurunrun hujan gampil

        Ari damelna malaikat Isroil

        Niup songsong na poe kimat singkil

Ari damelna malaikat Azroil

Tukang nyawa kabeh makhluk adil

Ari damel malaiat Munkar Nakir

Mariksa di jero kubur matak gimbil

        Serta mawa gada beusi leuwih beurat

        Panon ngiceup ngagurileng kawas kilat

        Ari padamelan malaikat Rokib

        Nulis amal hade nu lain nu goib

Ari padamelan malaikat Atid

Nulis amal jalma nu goreng nu melid

Ari padamelan malaikat malik

Jaga lawang naraka melong buncelik

        Ari padamelan malaikat Ridwan

        Jaga lawang surga nu manis nu sopan

        Ari padamelan malaikat Ruman

        Ngabubungah di ubur ka jalma iman

RUNDAYAN KANJENG NABI

 RUNDAYAN KANJENG NABI

RUNDAYAN TI RAMANA

Wajib ka jalma muslimna

Uninga rundayanana

Jaeng Nabi utusan Allah

Muhammad putrana Abdullah

            Abdullah putra mutolib

            Mutolib putrana Hasyim

            Hasyim putra Abdi JManaf

            Abdi Manaf putra Qusoy

Qusoy putrana Kilab

Kilab putrana Muroh

Muroh putrana Ka'ab

Ka'ab putrana Lu'ay

            Lu'ay putrana Golib

            Golib putrana Fihir 

            Fihir putrana Malik

            Malik putrana Nador

Nador putrana Kinana

Kinana Bin Khuzaimah

Khuzaimah putra Mudrikah

Mudrikah putrana Ilyas

            Ilyas putrana Mudor

            Mudor putrana Nizar

            Mizar putrana Ma'ad

            Ma'ad putrana Adnan

Nu wajib dugika Adnan

Haram nguningakeunana

Ti Adanan dugi ka Adnan

Sabab taya jalan shoheh 2x


RUNDAYAN TI IBUNA

Wajib deui Uningana 

Rundayana ti ibuna 

Jeng Nabi utusan Allah

Muhammad putra Aminah

            Aminah putrina Wahab

            Wahab putra Amdi Manaf

            Abdi Manaf putra Zuhroh

            Zuhroh putrana Kilab

Tepang deui ti Eyangna

Ti Kilab janggawarengna

Jadi ibu jeung Ramana

Masih keneh sarundayan 2x


PUTRA PUTRI ROSULULLOH

Ari putra Rosulullah

Sadayana aya 7

Genep ti Siti Khodijah

Hiji ti Siti Mariyah

            Sayid Qosim pangcikalna

            Siti Zenab kaduana

            Rukoyah nu panggelisna

            Fatimah nu di asihna

Umi Kulsum kalimana

Abdullah nu kagenepna

Sayid qosim katelahna 

Nu genep ti Khodijahna

            Ibrahim nu ka tujuhna

            Mariah janteun Ibuna

           Urang Qibti nagarana

           Pamasihan ti rajana 2x


NADOM VERSI 2

Anak anak Nabi 

Ada tujuh orang

empat laki laki

tiga perempuan

        yang pertama Qosim

        Abdullah Ibrahim

        Zaenab Rukoyah

        Fatimah Ummu Kulsum


AQOIDUL IMAN

 AQOIDUL IMAN

AQOIDUL IMAN

Ari aqoidna iman

Eta aya 50 perkara

20 anu wajib di Allah

20 anu mohal di Allah

        Hiji nu wenang di Allah

        Jadi jumlah 41

        Opat nu wajib di rosul

        Opat nu mohal di rosul

Hiji nu wenang di rosul

Jadi jumlahna salapan

Salapan sareung 41

Jadi jumlah sadayana 50


SIFAT WAJIB DI ALLAH

Wujud Kitab baqo

Mukholafatu lil hawadisi

Qiyamuhu Binafsihi

Wahdaniyat qudrot irodat

        Ilmu hayat sama

        Basor kalam kodiron muridan

        Aliman hayyan

        Sami'an basiron mutakaliman

Aya heubeul langgeng

Beda jeung sakabeh nu anyar

Jumeneng kalawan datna

Hiji Allah dina datna

        Hiji na sifatna

        Hiji padamelanana

        Kawasa kersa

        Uninga hirupna

Ngadangu Ningali

Sasauran bukti kawasa

Bukti Allah kersa

Nu uninga anu hirupna

        Bukti nu ngadangu

        Nu ningali anu ngadawuh

        Jadi sadayana nu wajibna dua puluh


SIFAT MOHAL/MUSTAHIL DI ALLAH

Adam hudus fana

Mumasalah lilhawadisi

Ihtiyaj ta'adud

Ajzu karohah

        Jahal maot soma

        Umyun bukmun kaunuhu ajizan

        Karihan jahilan mayitan

        Asoma a'ma abkama

Eweuh anyar ruksak

Sarupa rejeung nu anyar

Butuh kana tempat

Sareng butuh kanu ngayakeun 

        Bingbilangan datna

        Sifatna sarng damelna

        Apes kapaksa

        Bodo maot torek lolongna

Pireu bukti Allah

Anu apes anu kapaksa

Anu bodo maot

Torek lolong sajabana


SIFAT WENANG DI ALLOH

Sifat wenang di Alloh : فِعْلُ كُلِّ مُمْكِنٍ اَوْتَرْقُهُ

    Artina : Alloh mungkin midamel kana perkara, sareng mungkin teu midamel ana perkara


Wenang di Allohna midamel barang nu mungkin

Taya anu wajib midamel barang nu mungkin


SIFAT NU WAJIB SARENG MOHAL DI ROSUL

Sidiq amanah tabligh fatonah

Kidib khiyanat kitman biladah

Bener Kapercaya ngadugikeun rejeung pinter

Bohon cidera nyumutkeun jeung bodo


SIFAT WENANG DI ROSUL

Sifat wenang di Rosul :  اَعْرَضُ الْبَشَرِيَّةْ

    Artina : Sifat kamanusian


Wenang di rosulna sifat manusia biasa

Taya tuang leuet angkat kulem sajabana